Risalatul Adabiyah Filmu'aasyaroti Bilma'ruf 'Alaa Thoriiqissunnati

Adab Menikah
Alhamdulillahi robbil'aalamiin, wabihii nasta'iinu Laa haula walaa quwwata illaa billaahil 'aliyyil 'adziim Allohumma shollii 'alaa sayyidinaa muhammad wa 'alaa aali sayyidinaa muhammad
( AMMAA BA'DU ) :

Dina ieu risalah bade nyarioskeun adab-adaban kanu neumbe berkulawarga, oge ka jalma anu tos lami berkulawarga supaya nimbulkeun silih pika cinta sareung janteun lampah ibadah anu sampurna ngeunaan kana sunnah rosul, oge ngahasilkeun buahna putra anu sholih nurut ka ibu rama nurut ka agama.

- Tipayun dina nikah teh urang keudah niat heula pangna nikah teh " seuja ngaraksa agama oge seuja itba' kana sunnah rosul oge seuja hoyong ganjaran oge hoyong gaduh turunan kanggo nyeueurkeun ummat rosul oge ngareup-ngareup kana syafa'atna anak upama maot sa teu acan baligh ". tah upami di niatan kitu ingsya alloh laki robina mulus rahayu berkah salameut pareuk rizki jauh balahi.

- Disunatkeun dimana-mana panganten karek papanggih misal di kamar, panganten pameugeutna keudah nyeupeungan istrina tuluy jampe eumun-eumunan istri ku du'a ieu supaya berkah kulawargana teugeusna runtut raut harmonis.
Nyaeta ieu du'ana : Baarokalloohu likullin minnaa fii shoohibihi 3x

Tuluy tambahan ku du'a ieu : Allohumma innii as-aluka khoirohaa wakhoiro maa jabaltahaa wa-a'uudzubika min syarrihaa wa syarri maa jabaltahaa 
Tuluy maca surat inna anzalnaahu 3x tuluy tiupkeun kana eumun-eumunan panganten istri.

- Sareung upami sepasang insan bade jima' kitu deuih niatan cara anu di luhur margina kieu upami sepasang insan bade sitaranjang bade jima' malaikat rohmat minggir isineun ningali adeugan model kitu, tapi ari syetan mah neumpo adeugan model kitu teh lain ngajauhan kalah nyampeurkeun ngadeukeutan bahkan miluan jima' deuih.

Upami eta si jalma hente make pelaturan jima' komo hente maca bismilah mah anu matak seueur di alam dunia ieu anak anu hente nurut ka ibu rama da meureun bae nya anak jalma nya anak syetan. Na'uudzubillah min dzalik.

Di antawis pelaturana teh nyaeta keudah gaduh wudhu heula, upami gaduh adusaneun adus heula, teras nganggo wawangian supaya kuat syahwat, teras lampuna alitan anu hartosna ulah caang teuing ulah poek teuing (reudup-reudup saja) biar tambah harmonis teras keudah otel heula bercumbu mesra supaya senang manahna sang pujaan ulah langsung padu geubrus bae karena matak gawaris gaduh putra ruksak akhlakna.
Matak upami hoyong ngagaduhan putra anu sholih /sholihah usahakeun sing saleumbut-leumbutna ngajalin kasih sayang jeng kasukaan sarta kedamaian.

Dina nalika bade jima' eta keudah nyium heula eumbun-eumbunanana sang istri, gubargikeun sagala kanyaah sareung sajabina anu matak naekna birahi sang istri sakumaha anu bakal di carioskeun di payun :

Sareung keudah teurang yen jima' teh hente jadi kamaslahatan ka urang anging nalika gancangna syahwat bari kumpulna ci mani, tah di waktos eta mah perlu ku urang di kaluarkeun pada harita kalawan jima' anu halal.

- Ari sering teuing jima' eta ngawaris kana lemah badan jeng kurang tanaga jeng tereh fikun deuih.
- Ari jima' rek nyaba, nyabana anu leuwih ti tilu hari maka eta ngawaris kana boga budak tukang ngamubadirkeun harta, saena mah mulih nyaba bae ari weungi anu ase sareung dinteun anu sae di anggo jima' eungke di peurtelakeun di payun :
- Ari ngeunyot lidah sang istri eta sunnat rosul, margi kangjeung rosul oge sok ngeunyot heula kana lidah bojona.
- Ari pang afdolna sareung pang indahna tingkahna jima' nyaeta istri keudah nagngkarak aturanana, teras di ganjeul leubah cangkengna ku bantal anu leutik ipis, sarta ngangkatkeun pingping duanana , maksudna supaya gampang ngaleubeutkeun dzakar kana liag, teras si akangna tumpak sabari nangkuban saimbang sareung nangkarakna istri.

Tah ayeuna urang ngabahas heula tata hurmat dimana bade jima' sareung babacaanana nyaeta dimana-mana leubeut ka kamar pek uluk salam heula, pokna :
Assalamu'alaikum yaa baabarrohmah 
teras di jawab ku istri :  
Wa'alaikumussalam ya sayyidal amiin
teras nyium embun-embunana istri bari maca :  
Yaa lathiifalloohi nuurun 'alaa nuurin syahidannuuru 'alaa man yasyaa-u.
teras miringkeun mastakana istri ku akangna bari maca :
Fii sam'ikalloohu samii'un
teras tiupkeun kana ceupilna lalauna kalawan tiupan asmara. tah didieu puncak rahasia hanya sang istri anu ngaraoskeun ka ni'matanana, teras cium socana istri bari maca :
Innaa fatahnaa laka fathan mubiinaa 
teras cium pangambungna bari di seuseup lalaunan teras di tiupkeun deui lalaunan bari maca :
Farouhun waroihaanun wajannatu na'iim
Tah didieu leutak kani'matan anu sesah hilapna teras cium gadona istri bari maca : Yaa rohmaanuddun-ya warohiimul akhiroh teras cium beuheungna bari maca : Alloohu uurussamawati walardi teras nyium pundakna bari maca : Nuuru habiibil iimaani min 'ibaadikassholihiin teras nyium talapak tangan beulah katuhu bari maca : Maa kadzzabal fu-aad maa ro-aa teras nyium telapak tangan beulah kenca bari maca : Alqoitu 'alaika mahabbatan minnii teras nyium antara dua susuna bari maca : Yaa hayyu yaa qoyyuum teras galeuy eta susuna lalaunan ulah keuras teuing bisi nyeurieun bari maca : Allohumma shollii 'alaa syyidinaa muhammad teras nyium ulu atina bari maca : Maa kadzzabal fu-aadu maa ro-aa

Tah tidinya mah neumbe siap berlayar mengarungi samudra kehidupan dan terbang melayang dan mengarungi lautan asmara, tapi sa teuacana kitu teh kedah ngulas-ngulas heula dzakar akang kana pinggir-pinggir farjina si nyai, margi didinya aya urat leumeus dimana-mana di ulas ku dzakar tangtun langsung nyeutrum kana birahina si nyai, teras baca heula du'a ieu :

Bismillaahirrohmaanirrohiim Allohumma jannibnassyaitoona wa jannibissyaitoona maa rozaqtanaa dina nalika jima' baca ieu dina jeuro hate ulah ku lidah : yaa naafi'u 9x

hasiatna supaya runtut raut pun bojo, sareng supaya di pikacinta ku istri pujaan.

Dimana-mana bade lungsung cimani geuwat baca ieu du'a dina hate ulah di baca ku lidah : Alhamdulillahilladzii kholaqo minalmaa-i basyaron faja'alahuu nasaban washihron wakaana robbuka qodiiron

Bari di rapeutkeun dada si akang kana dada si nyai teras si nyaina geuwat ngarangkul bari sampeanana di beulitkeun kana ping-ping akang teras nangkeup sing pageuh neupi ka sampurna turun cimani kana leubeut rahim Saba'da sampurna turun cimani teras angkatkeun birit si akang ulah cicing bae di luhur karunya bisi si nyai beurateun.

Maka alhamdulillaah neupi kana puncakna kani'matan anu sok di sebut ku 'ulama LADZZATUN 'ADZIIMAH tah eta lalaki sampurna ngarana.

TANBIHUN

Afdolna ba'da jima' teh langsung adus lamun moal jima' deui ulah langsung sare sabab malaikat rohmat jauh jeung jalma junub upama bade sare atawa rek barang tuang sa teu acan adus maka sunat wudu heula sareung dzakar oge farji istri keudah di wasuh heula upama heunteu kitu eta matak ngawaris kana faqir.

Walaa ta-ti aljima'a hatta tulaa'ibahaa wa in lam tulaa'ibhaa fa-in qudiya bainakumaa waladun kaana qobiihasshuroti Dimana-mana anjeun bade jima' kudu otel heula, pemanasan heula ulah langsung padu geubrus karena matak ngawaris kana goreng rupana budak

Walaa tujaami' ahlaka idzaa khorojat ilaa masiiroti tsalasati ayyamin walayaalihinna fa-innahuu in qudiya bainakumaa waladun yakuunu 'aunan likulli dzoolimin Dimana anjeun rek nyanyabaan lilana tilu poe tilu peuting maka anjeun ulah jima' heula, eungke bae ari datang nyaba karena lamun tina eta jima' di irodahkeun jadi budak maka eta paur jadi tukang nulungan kanu jahat.

Yaa haadzaa laa tujaami' ahlaka fii awwalissaa'ati minallaili fa-innahuu in qudiya bainakumaa waladun laa yu-manu an yakuuna saahiron muatssiron liddun-yaa 'alal akhiroti. Kada anjeun ulah jima' dina mimiti peuting karena lamun jadi budak matak jadi tukang sihir tukang teuluh jeung kabina-bina keukeuleubeukan dina dunia jeung heunteu iman kana akherat, wal'iyaadzu billah

Waqod waroda nahyulwiqoo'i fii auqootin mukhoofatin 'alal waladi wa dzalika fii awwali lailatin minasyyahri wa akhiri lailatin minasyyahri mukhoofatal jununi 'alal waladi. Deui tos kacarioskeun dilarang jima' teh dina waktu anu di pikapaur matak aya mamalana ka budak , di antarana : jima' dina awal bulan, dina akhir bulan hijriyyah karena lamun jadi budak matak ngawaris owah nu jadi budak

Wa fii lailinnishfi minasyyahri li-allaa yafza'a deui lamun jima' teungah bulan maleum lima beulas eta matak ngawaris soak budakna

Walailatal arbi'aa-i wa yaumahaa li-allaa yakuuna qottaalan walailatal ahadi auu yaumahaa li-allaa yakuuna 'aaqqon Ari jima' maleum reubo dimana di irodah jadi budak maka paur jadi tukang maehan / pembunuh Ari jima' maleum minggu eta lamun di keursakeun jadi budak paur jadi budak anu sok ngalawan ka indung bapa.

Laa yukatssiru ahadukum alkalaama 'indal mujaama'ati fa-innahuu yakuunu minhul'amaa Walaa yuqobbalanna ahadukum imro-atahuu wahuwa yujaami'uhaa fa-innahuu yakuunu shomamul waladi Kade upama dina nalika jima' ulah nyeueurkeun nyarios teugeusna ulah sabari seueur ngobrol karena bilih janteun putra anu lolong sareung upama nuju jima' teh deuih ulah bari nyium ka istri karena bilih janteun putra anu torek.

Walaa taqrobul mar-ata wahiya haa-idun fain qudiya bainahumaa waladun kaana ajdzamun Lamun pamajikan keur bulanan kade ulah di jima' karena upami di jima' tuluy jadi anak eungke anakna bisi boga pnyakit corob/beulang.

Tah tidieu kapayun mah di anjurkeun ngalaksanakeun jima' anu mudha-mudahan hasil fadilahna anu sampurna sarta ngengingkeun putra anu di idam-idam kalayan sampurna sagalana.

Wa 'alaika biljimaa'i lailatal itsnain fa-innahuu in qudiya bainakumaa waladun haafidzon likktaabillaahi roodiyan bimaa qosamalloohu 'azza wajalla Lamun anjeun ngamaksud jima' heug jima'na maleum senen karena di irodah jadi budak maka budakna bakal katalar qur'an jeung mikarido kana naon-naon bagiyan ti gusti alloh.

Wa-in jaama'ta ahlaka lailatatssalatsaa-i faqudiya bainakumaa waladun yurzaqusyyahadatu an laa ilaahaillallooh wa anna muhammadarrosuulullooh walaa yu'adzzibuhullohu ma'al musyrikiina wayakuunu toyyibannukhati rohiimalqolbi sakhiyyal yaddi thoohirollisaani minalghiibati walkidzbi walbuhtaani Dimana anjeun ngajima' ka bojo anjeun malem salasa tuluy di keursakeun jadi budak maka ingsya alloh budak bakal jadi ahli tauhid jeung moal nyiksa gusti alloh ka eta budak lamun berdosa di hijikeun sarta musyrikin jeung eta budak moal bau heyor bahamna jeung sok weulasan hatena berehan jeung di raksa lisana / lidahna tina ngupat, ngabohong jeung buhtan nyaeta ngagorengkeun ku bohong ngagosip / ngisu keun batur ku bohong.

Wa-in jaama'ta lailatal khomiisi faqudiya bainakumaa waladun yakuunu haakiman minalhukkaami auu 'aaliman minal'ulamaa-i Lamun anjeun jima/ malem khomis tuluy jadi budak maka ingsya alloh bakal jadi hakim atawa bakal jadi 'alim 'ulama.

Wa-in jaama'ta yaumalkhomiisi ba'da zawaalisyyamsi faqudiya bainakumaa waladun fa-innasyyaitoona laa yuqorribuhuu hattaa yasyiiba wayakuunu fahuman warzuquhuullohu 'azza wajallassalaamata fiddiini waddun-yaa Lamun anjeun jima' poe khomis ba'da dzuhur tuluy jadi anak maka eta anak moal di deukeutan syetan sampei ka huisan tuluy ku gusti alloh bakal di rizqian ku kasalameutan dina agama jeung dunia.

Wa-in jaama'ta lailataljum'ati fakaana bainakumaa waladun yakuunu khotiiban qowwalan Lamun anjeun ngajima' pamajikan malem jum'at tuluy jadi budak maka eta budak bakal fasihat caritana jeung kaharti lemah lembutna.

Wa-in jaama'ta lailataljum'ati ba'dal 'isyaa-il akhiroti fa-innahuu yurjaa an yakuuna laka waladun minal abdaali in syaa-allohu ta'aalaa Lamun anjeun ngajima' pamajikan dina akhir waktu isya tuluy jadi budak maka eta budak ka areup-areup jadi wali abdal / jalma anu sholih, ingsyaa alloh

Wa-in jaama'ta yaumaljum'ati ba'dal 'ashri faqudiya bainakumaa waladun fa-innahuu yakuunu ma'ruufan masyhuuron 'aaliman Lamun anjeun ngajima' pamajikan ba'da ashar poe jum'ah tuluy jadi budak maka eta budak ingsyaa alloh bakal terkemuka jeung bakal 'alim

Tah dugi kadieu yarioskeun waktu anu sae di anggo jima' Mugi bae ieu risalah sing aya manfa'atna khusus ka abdi sareung nu macana umumna mah ka sadayana muslimin muslimat. Aamiin.


FAA-IDATUN

Yaa Qowiyu 7X ( Lagi jima' tahan nafas )

Lamun jalma maksud hayang gaduh putra ( nishbat kanu hente putraan ) Kudu nandean cai hujan ku gelas di sanghareupan bari maca : fatihah 70X Qulhu 70X Falaq 70X Binnaas 70x Ayat kursi 70X Lajeung kepret-kepret kana badan bojo tuluy jima' ingsyaa alloh.

Lamun awewe hapa hayang boga anak mangka puasa tujuh poe tuluy-tuluy. Dimana manjing waktu magrib ulah waka buka baca heula ieu jeuneungan alloh ta'alaa : Yaa Mushowwiru 21X Geus tamat macana kakara buka. (Tah dina tiap-tiap magrib kudu kitu).

- Lamun hayang anak lalaki Maka ngagulingna ka kanan ka sisi.
- Lamun hayang anak awewe maka ngagulingna ka kiri ka sisi.

Saur hadits: Birruu abaa-akum tubirrukum aulaadukum Hartosna : lamun anjeun hayang boga anak nurut, kudu anjeun heula ta'dziim ngahurmat turut ka ibu rama engke anak anjeun engke pasti kitu Tah ieu cara anu mujarab mah.

DO'A nyuhunkeun putra anu sholih nurut ka ibu rama : Bismillaahirrohmaanirrohiim Allohumma baarik lii fii dzurriyyatii walaa tadlurruhum wawaffiqhum litoo'atika warzuqnii birrohum. Allohummaj'alnaa wa dzurriyyaatinaa min ahlil 'ilmi walkhoiri Walaa taj'alnaa wa iyyaahum min ahlisyyarri wadlorri waftah 'alainaa wa 'alaihim futuuhal 'aarifiina birohmatika yaa arhamarroohimiin.. (Dibaca tiap ba'da netepan)

TAMAT.

Postingan terkait: